Kamis, 14 Maret 2013

contoh teks pidato bahasa sunda



Assalamu’alaikum Wr.Wb

Bapa guru sareng Saderek saderek sadayana anu ku simkuring dipihormat.

Langkung ti payun urang sanggakeun puji sinareng syukur ka ilahirobbi kalayan hidayah sareng inayahna,urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu tempat kalayan sehat wal afiat.Amin.
Ngadegna sim kuring dina danget ieu, baris nyobi ngaguar tĂ©ma “Ngaronjatkeun Kareueus urang Kana Basa Sunda”.


Hadirin nu dipihormat,
            Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuning, dina jaman kiwari budaya sunda teh ges te pati di palire  ku para nonoman, kumargi seuerna budaya dengen anu asup kana budaya urang.Anu sakuduna  urang sadaya teh  kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti – mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna cul dog-dog tinggal igel. Adean ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda meunang nginjeum.
Sanes hartosna urang sadaya ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa tur ngariksa budayana sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi basa urang sapopoe. Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Tah kumargi kitu hayu urang sasarengan ngamumule budaya urang sadayana atanapi budaya sunda.

Hadirin anu ku simkuring dipihormat,
Cindekna mah urang kedah peheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule ngaraksa sareng ngariksa basa katut budaya Sunda.mung sakitu anu tiasa ka sanggakeun haputen bilih aya kalepatan sareng kakirangan nana . Hatur nuhun…!

Wassalamu’alaikum wr.wb

0 komentar:

Posting Komentar

Followers

iyans_sopyan © 2008. Design by :Yanku Templates Sponsored by: Tutorial87 Commentcute